cari yang lo mau disini !!!

Minggu, 06 Juni 2010

tugas bahasa sunda, contoh bewara

Béwara pikeun para siswa-siswi SMA Negeri 8 Bekasi, mimiti seméster kadua, kagiatan ékstrakurikulér di sakola bakal nambahan. Lian ti kagiatan olahraga jeung kasenian, aya deui nya éta latihan jurnalistik jeung diskusi.
Latihan jurnalistik diaksanakeun saminggu dua kali. Waktuna Senén jeung Kemis. Masing-masing dua jam. Tabuh 08.00 nepi ka 10.00 WIB, pikeun siswa-siswa kelas X. Tabuh 14.30 nepi ka 16.30 WIB, keur siswa-siswi kelas XI jeung XII.
Matéri latihan di antarana:
1. Élmu dasar jurnalistik
2. Tiori jeung prakték nulis berita
3. Ngarancang penerbitan majalah dingding.
Para pangajar lian ti wartawan senior, dosén ti Jurusan Komunikasi Fikom Unpad. Jumlah pamilon diwatesan tilu rombongan. Sarombonganana jumlahna paling saeutik 10 urang, paling réa 15 urang.
Latihan diskusi sarua dilaksanakeun saminggu dua kali, Salasa jeung Jumaah. Masing-masing tabuh 09.00 nepi ka 11.00 WIB, pikeun kelas X. Tabuh 14.00 nepi ka 16.00 WIB pikeun kelas XI jeung XII.
Para pangajarna para ahli dina widang masing-masing; ahli politik, ékonomi, jeung budaya. Jumlah pamilon diwatesan opat grup. Sagrupna paling saeutik 20 urang, paling loba 25 urang.
Boh latihan jurnalistik, boh latihan diskusi, henteu kudu mayar (gratis). Sakur nu rék milu, buru-buru daptar, paling elat tanggal 31 Séptémber 2010
Upama masih kénéh kurang jelas, engké sabada diketik ku sékretaris, bakal ditempélkeun dina papan pangunguman. Tiasa ditingali ku sadérék.
Hatur nuhun.
Bekasi, 18 Séptémber 2010
Ketua OSIS SMAN 8 Bekasi
Arum Danantri

Tidak ada komentar: